Syeh ibnu Mubarok

*LAHIR ULAMA BUAH KAHADEAN BAPA*

Pasti urang kenal ka Syekh Abdulloh bin Mubarok, sabab anjeuna Ulama besar tabi’ut tabi’in anu lahir dina taun ka 118 H. Jalmi-jalmi pada ngarantosan fatwa anjeuna di zaman harita, malahan saparantosna anjeuna ngantun seueur fatwana anu ku urang ka aos. Anjeuna ahli elmu, Rowi Hadits, Waliyulloh, anu istiqomah dina ibadah, terkenal zuhud tur picontoeun dina semangat jihad.

Syekh  Abdulloh bin Mubarok anu dikenal ku sadayana, tapi terang henteu saha Ramana? Ramana anu gaduh sifat sidiq, amanah, jujur sareng sae akhlak, tiasa nganteurkeun putrana janten ULAMA BESAR.

Saratus taun saba’da hijrah, aya jalmi anu jenengan MUBAROK, abid hamba sahaya urang india, di tugaskeun ku Sayidna pikeun ngajaga kebon anggur di Bagdad, tos sababaraha taun ngajaga kebon anggur lajeng aya Sayidna ngalongok kebon, nyuhunkeun anggur anu pang amisna ka Mubarok.
Mubarok metik anggur saranggeuy teras dipasihkeun ka Sayidna. Tapi barang ngegel eta anggur Sayidna kaget bari ngagorowok; “Mubarok, haseum kieu anggur teh, menta nu amis” Mubarok metik deui saranggeuy di sanggakeun deui ka Sayidna. “Ieu ge haseum, cik sing bener atuh menta nu amis, kuring teh” Mubarok metik deui ka tilu kalina di sanggakeun deui ka Sayidna. Tapi Sayidna camberut keuheul ka Mubarok mere wae anggur haseum, tuluy nyentak; “Mubarok, naha maneh teu nyaho mana nu amis jeung nu haseum?”
Mubarok ngawaler; “Haputen Sayid, abdi teu terang mana nu amis sareng mana nu haseum, margi abdi teu pernah ngaraosan”
Nguping jawaban kitu Sayidna olohok, heran jeung semu teu percaya; “Maneh teu pernah ngasaan anggur? Padahal geus sabaraha taun ngajaga kebon anggur ieu?” ceuk Sayid bari kerung, ambek tapi heran.
“Muhun Sayid, anjeun nugaskeun abdi piwarang ngajaga, janten abdi teu pernah metik komo ngaraosan, hiji ge teu pernah”. Ceuk Mubarok bari tungkul, nembongkeun sifat nu handap asor anu hormat ka dunungan.
Sayidna teu tulus ambek, masalah teu manggih anggur nu amis jadi kapopohokeun, sabab aya nu leuwih aneh tina sifat kajujuran tukang kebon, teu aya leuwih jujur, leuwih amanah, ti antara para pagawe nu sejen.
“Hey Mubarok, kuring boga anak parawan”  Ceuk Sayid pindah obrolan, “nu daratang mah boh tokoh agama, para pejabat, nu baleunghar harayangeun mulung minantu, tapi kuring sieun, lamun di kawinkeun kanu hiji, sieun nu sejen nyerieun hate, cik kumaha ceuk anjeun?”.
“Kapungkur zaman jahiliyah, nikahkeun putrina tina dasar turunan” tembah Mubarok, “Urang Yahudi nikahkeun dasarna harta jeung kakayaan, Urang Nasrani ngukur kasep jeung geulisna, atuh umat islam mah saena jeung sakuduna leuwih milih agama sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul” .

Jawaban ieu jadi nambah-nambah kayakinan kana amanah jeung jujurna Mubarok, Sayid anu namina Nuh bin Maryam Al-khowarizimy, Qodi atawa Hakim anu beunghar di Kota Bagdad, ngarasa cocok pikeun milih minantu ka Mubarok. Tapi ceuk Mubarok; “Piraku Sayid milih abdi, hamba sahaya, budak hideung urang india anu dibeuli ku Sayidna”
Tapi Nuh bin Maryam geus buleud tekadna, milih minantu nu hade akhlak, tukang ibadah, taat ka Alloh jeung ka Sayidna, teras di perdekakeun sareng di nikahkeun ka putrina, maka Syekh ABDULLOH BIN MUBAROK lahir taun 118H, wafat taun 181H.
(Disundakeun  ku KH Asep M Tohir)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Postingan Populer