*IMAM BUKHORI MICEUN ARTOS 1000 DINAR*
Dina Kitab “Siroh Al-Bukhory” dikisahkeun, dina waktos nuju milarian Hadits ti para Masyayikh, para Ulama nu nampi hadits ti Guru-guruna, Imam Al-Bukhory, nami aslina Abu Abdillah Muhammad bin Ismail bin Ibrohim bin Al-Mughiroh bin Bardizbakh Al-Ju’fi Al-bukhory, lahir 13 Syawal 194H/ 21 Juli 810M. Anjeuna naek kapal laut.
Dina Kapal dicaketan ku pagawe kapal laut anu kagum ku perjuangan imam bukhori dina ngumpulkeun hadits-hadits dugika apal sareng rowi-rowina. bakat ku caket sagulung-sagalang dina kapal dugika imam bukhori ngadugikeun yen kuring mawa bekel 1000 dinar (harga ayeuna langkung ti 2 milyar rupia). Sa dinar=3,5gr emas, 1000=3,5kg emas. Beunghar pisan disebutna anu nyandak bekel seueur kitu.
Dina hiji poe si pagawe kapal hudang sare, ujug-ujug ceurik jejeritan bari nyoehan baju, ku sarerea di rariung, di tanya: “aya naon?”, manehna ngajawab; “kuring leungit duit sakantong, eusina 1000 dinar” cenah bari ceurik gogoakan.
Atuh kabeh saeusi kapal di pariksa hiji-hiji katut babawaanana, imam Bukhori susulumputan miceun artosna nu 1000 dinar ka laut. Atuh nu mariksa teu manggih duit sakantong najan kabeh geus di pariksa. Maka jalma-jalma kareuheulan ka si pagawe kapal nu gede bohong.
Barang turun tina kapal, si pagawe naros ka Imam Bukhori; “dikamanaken duit 1000 dinar ku anjeun Syekh?”.
“dialungkeun ka laut” saur imam Bukhori.
“Euleuh naha anjeun bisa sabar miceun duit nu sakitu lobana?” si pagawe aneheun.
Saur Imam Bukhori; “Hey jalma bodo, kuring ngumpulkeun hadits meakeun umur, meakeun bekel, bari sarerea geus pada nyaho kuring jalma tsiqoh, kacida dipercaya dina riwayat hadits, anjeun rek ngaruksak kredibilitas nuduh bangsat?” “Leuwih hade kaleungitan duit nu teu sabaraha dari pada leungit kapercayaan”.
Dina sapalih kitab di carioskeun, “jeung lain ngajaga kredibilitas wungkul tapi ngajaga agama ongkoh, ulah pajarkeun Muslimin sok babangsat”.
(Disundakeun ku Asep M. Tohir. tina Siroh Bukhori nu aya dina google. Juma'ah 13 Syawal 1441)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Postingan Populer
-
Nadhom Nganiatan Ngaos Dupi Nganiatan Ngaos * Seueurna opat perkara Hiji Niat karena Alloh * Nga...
-
Nadhom Istighosah (Nuqil tina Nadhom Istigoshah Sunda Kengeng Al-Mukarrom Alm. KH. Khoer Affandi Pendiri Pondok Pesantren Mift...
-
Kalimah Thoyyibah ( Diijazahkeun di Pondok Pesantren Miftahul Huda Manonjaya Tasikmalaya ) لَآاِلهَ اِلَّا اللهُ لَامَوْجُو...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar